Tatang Sumarsono | Kiblat Buku Utama | 2007 | 14,5 x 21 cm | 60 hal. | Softcover
Entom gancang ngaderegdeg, rek nyusul Si Panggung anu ku Kang Gilang geus dibalikkeun arahna. Gancang dicekel kadalina, bari ditepakan beuheungna. Kesang Si Panggung rembes saawak-awak.
Sabot kitu, announcer ngumumkeun: Juara kesatu... kuda nomor tujuh... Sekar Panggung! Ya, Sekar Panggung dari istal Mayang Kencana, milik Haji Tantowi..., Bandung...!
Saharita Entom langsung susurakan. Cacak mun keur henteu nungtun kuda, jigana bakal ajrag-ajragan, atawa boa terus maksakeun koprol dina track.