Rachmat Taufiq Hidayat Spk. | Kiblat Buku Utama | 2008 | 14,5 x 21 cm | 64 hal. | Softcover
Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wangun buku. Eta bae dina mangsa saratus taun teh, urang ngan ukur mendakan opat buku tatarucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda teh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar sacara lisan di kalangan barudak Sunda, sareng bacacar dina majalah-majalah basa Sunda.
Ieu buku midangkeun sawatara conto tatarucingan anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sunda, pangpangna di lingkungan barudak.