Download Tokopedia App
Tentang TokopediaMulai Berjualan PromoTokopedia Care
tokopedia-logo
Kategori
Atur jumlah dan catatan

Stok Total: Sisa 9

Subtotal

Rp52.000

BUKU CAHARA BASA SUNDA KELAS 10 KURIKULUM MERDEKA - CAHARA BASA SUNDA

Rp52.000
  • Kondisi: Baru
  • Min. Pemesanan: 1 Buah
  • Etalase: Semua Etalase
UNGGULNA CAHARA BASA

Pidangan dina ieu buku Cahara Basa saluyu jeung pame- redih Kurikulum Merdéka, anu konsep wincikanana disu- sun dumasar Keputusan Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Nomer 32817/Pk.05.02/Sekre/2022 ngeunaan "Capaian Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa Sunda Jenjang PAUD, SD, SMP, SMA, SMK, SDLB, SMPLB, dan SMALB".

Saluyu jeung hakékat Kurikulum Merdéka, anu dipidang- keun dina ieu buku mukakeun lolongkrang ka saban sakola pikeun ngaguar bahan ajar anu saluyu sarta dipikabutuh ku murid, nyaéta anu jadi ciri has masing-masing daérah, ngeunaan rupa-rupa hal anu nyampak dina kahirupan sapopoé.

Dina prakna ngajarkeun bahan, guru bisa ngamangpaat- keun sarana fasilitas anu nyampak di sakola jeung lingkungan sabudeurna. Éta sarana jeung fasilitas aya nu mangrupa pakakas hasil téknologi komunikasi, aya deui anu geus jadi bagian tina rupa-rupa kabiasaan atawa tra- disi masarakat katut hasil kabudayaanana.

Bahan pangajaran anu dipidangkeun dina ieu buku Cahara Basa dibeungkeut ku téma atawa jejer, saluyu jeung ting- katan kelas.Ari nu jadi tujuanana nyaéta sangkan pedaran dina saban unit pangajaran téh bisa museur, sarta puguh éntép seureuhna.

Ngajarkeun basa Sunda moal bisa dipisahkeun tina nga- jarkeun budayana. Anu paling utama nyaéta ngajarkeun étika jeung tatakrama minangka wujuding ajén-inajén budaya. Hal ieu saluyu jeung Kurikulum Merdeka anu enas-enasna pikeun ngawujudkeun profil pelajar Panca- sila. Tah, bahan dina ieu buku gé bakal ka dinya brasna, di sagigireun mekelan murid sangkan boga kaweruh jeung tapis ngagunakeun basa Sunda, sarta miboga sikep anu hadé kana basa Sunda.
Ada masalah dengan produk ini?

ULASAN PEMBELI

Toped Illustration

Belum ada ulasan untuk produk ini

Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan