Mun dibandingkeun jeung taun 2000-an, Bandung taun 1950 tepi ka ka tompernakeun taun 1960-an mah hirup di Bandung teh asa genah, betah, merenah tur tumaninah pisan. Lain bobohongan, leuleumpangan ngideran kota ti tungtung ka tungtung teh teu ieuh karasa cape. Hawana matak seger jeung ariuh ku tatangkalan. Tutumpakan teu pasulabreng teuing. Harita mah meh saban isuk kota teh kasaput ku halimun. Ciibun ngagarndang dina tatangkalan. Kaayaan sarupa kitu teh ngahaja ditulis sakadar pikeun eunteung wae. Itung-itung mulangkeun panineungan. Malah mandar aya mangpaatna pikeun warga Bandung kiwari. Tangtu we pamohalan ari Bandung kudu mulang deui ka jaman harita onaman. Us Tiarsa, 2010; 14,5 x 21 cm.; 152 kaca; Softcover