Dina ieu Kamus Idiom Sunda-Indonesia aya dua rupa entri: 1) Entri poko nya eta entri anu diwangun ku kecap asal tanpa rarangken hareup, tengah jeung tukang, biasana ngan sakecap (hiji unsur kecap). Contona: hejo hartina atoh pisan lantaran nenjo duit atawa hal anu matak nguntungkeun senang sekali karena melihat uang atau hal yang akan menguntungkan. 2) Entri turunan atawa subentri nya eta entri anu diwangun ku sababaraha unsur kecap. Contona: hejo tihang hartina jelema anu resep pipindahan tempat atawa gunta-ganti pagawean senang berpindah-pindah tempat atau pekerjaan; hejo bulu panon hartina babari kapincut ku wanoja atawa lalaki mudah tertarik oleh laki-laki atau perempuan.
Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 100 hal.; Softcover