Tema anu disodorkeun dina Payung Butut teh tema klasik: pasoalan ''"agul ku payung butut''' (agul ku kamenakan, kapriyayian). Payung Butut nyaritakeun hiji Naib nu agul ku gelar raden jeung ngaku yen manehna teh turunan dalem. Ki Naib nolak panglamar Kuwu keur anakna lantaran lain turunan menak, padahal antara Neng Ebah (anak Ki Naib) jeung Suganda (anak Kuwu) geus aya pakait pikir. Waktu Neng Ebah katerap kasakit nu kudu dioperasi tur kudu ditransfusi, tatanggana nu dipenta sih pitulungna mimitina arembungeun lantaran getih maranehanana bakal ngotoran getih menak Si Eneng. Dina gaya basa nu hirup tur direumbeuy ku humor, Payung Butut merenah pisan lamun jadi bacaan anu seger pikeun batin nu macana. Ieu roman pondok beunangna Ahmad Bakri teh meunangkeun hadiah saembara ngarang nu diayakeun ku IKAPI Jawa Barat taun 1967 pikeun kategori umum.
Kiblat Buku Utama, 2018; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca
Ada masalah dengan produk ini?
ULASAN PEMBELI
5.0/ 5.0
100% pembeli merasa puas
2 rating • 0 ulasan
5
(2)100%
4
(0)0%
3
(0)0%
2
(0)0%
1
(0)0%
Belum ada ulasan untuk produk ini
Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan