Download Tokopedia App
Tentang TokopediaMulai Berjualan PromoTokopedia Care
tokopedia-logo
Kategori
Atur jumlah dan catatan

Stok: 99

Subtotal

Rp54.500

BUKU WIWAHA BASA PIKEUM MURID SMP/MTS KELAS 7-8-9 KURIKULUM MERDEKA - KELAS 7

Rp54.500

Pilih smp/mts: KELAS 7

  • Kondisi: Baru
  • Min. Pemesanan: 1 Buah
  • Etalase: Semua Etalase
UNGGULNA WIWAHA BASA

• Pidangan dina ieu buku Wiwaha Basa saluyu jeung pameredih Kurikulum Merdeka, anu konsepna dumasar "Capaian Pembela- jaran Muatan Lokal Bahasa Sunda Jenjang PAUD, SD, SMP, SMA, SMK, SDLB, SMPLB, dan SMALB" anu kaunggel dina Surat Kepu tusan Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Nomer 32817/Pk.05.02/Sekre/2022.

Saluyu jeung hakekat Kurikulum Merdéka, anu dipidangkeun dina ieu buku mukakeun lolongkrang ka saban sakola pikeun ngaguar bahan ajar anu saluyu sarta dipikabutuh ku murid, nyaéta anu jadi ciri has masing-masing daérah, ngeunaan rupa-rupa hal anu nyam- pak dina kahirupan sapopoé.

Dina prakna ngajarkeun bahan, guru bisa ngamangpaatkeun sarana jeung fasilitas anu nyampak di sakola jeung lingkungan sabudeurna. Éta sarana jeung fasilitas aya nu mangrupa pakakas hasil teknologi komunikasi, aya deui anu geus jadi bagian tina rupa-rupa kabiasaan atawa tradisi masarakat katut hasil kabudayaanana.

Bahan pangajaran anu dipidangkeun dina ieu buku Wiwaha Basa di- beungkeut ku téma atawa jejer, saluyu jeung tingkatan kelas. Ari nu jadi tujuanana nyaéta sangkan pedaran dina saban unit panga- jaran téh bisa museur, sarta puguh éntép seureuhna.

Ngajarkeun basa Sunda moal bisa dipisahkeun tina ngajarkeun budayana. Anu paling utama nyaéta ngajarkeun étika jeung tatak-rama minangka wujuding ajén-inajén budaya. Hal ieu saluyu jeung Kurikulum Merdéka anu enas-enasna pikeun ngawujudkeun profil pelajar Pancasila. Tah, bahan dina ieu buku gé bakal ka dinya barusan, di sagigireun mekelan murid sangkan boga kaweruh jeung tapis ngagunakeun basa Sunda, sarta miboga sikep anu hade kana basa Sunda.

Ada masalah dengan produk ini?

ULASAN PEMBELI

Toped Illustration

Belum ada ulasan untuk produk ini

Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan