Atur jumlah dan catatan
Stok Total: 99
Subtotal
Rp29.000
Lutung Leutik
Rp29.000
Lain lalakon jurig cara nu sok didongengkeun ku Ki Umbara. Ieu mah lalakon Ratu Bungsu Karma Jaya jeung Ratu Emas Bagandan Sari. Nu kasep jeung nu geulis. Nu kasep ti Pajajaran, ari nu geulis ti Cihanjuang. Patepungna di hulu dayeuh Margacina basa duanana katalangsara.
Bagandan Sari ditundung ku dulurna, Ratu Emas Malanggi Rarang, pedah ngimpi tur hariwang aya nu kasep kalah bogoh ka adina. Disiram ku cai pijanaan tarum tepi ka awakna hideung lestreng badis lutung. Ari Karma Jaya tohtohan teuing digawe nyieun parigian, minangka salah sahiji sarat pikeun migarwa Malanggi Rarang, tepi ka awakna kuru tur hideung kawas lutung deuih. Ari geus puguh kawas lutung mah, Karma Jaya teh ku Malanggi Rarang kalah disieuhkeun sina ngabaturan Bagandan Sari.
Tapi kersaning Sunan Ambu Ciru Wananggay di kahiangan, sanggeusna mandi di leuwi Karma Jaya jeung Bagandan Sari awakna balik deui kawas sasari, kasep jeung geulis deui. Ngan orokaya Malanggi Rarang nu culika tea keukeuh hayang mikaboga nu kasep. Atuh Karma Jaya jeung Bagandan Sari teh masih keneh kudu nyorang rupa-rupa tanjakan samemeh tinemu bagja di Nagara Margacina. Kitu leuwih kurangna mah nu didongengkeun ku Ki Umbara teh, dumasar kana carita pantun nu populer di Kuningan.
Kiblat Buku Utama, Citakan III, 2020; 14,5 x 21 cm; 72 kaca; ISBN 978-623-7670-62-9
Telah ditetapkan sebagai Buku-buku Bacaan Bahasa dan Sastra Sunda Jenjang SD/MI, SMP/MTs dan SMA/ SMK/MA berdasarkan Surat Keputusan Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Nomor: 819/27496- Set Disdik Tanggal 31 Desember 2013.

Ada masalah dengan produk ini?
ULASAN PEMBELI

Belum ada ulasan untuk produk ini
Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan