Judul: Gending Karesmén: Puisi Sunda Jilid IIé Kepengarangan: Dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi Tahun Terbit: 2024 Jumlah halaman: 160 halaman Dimensi: 145 x 210 mm (A5) Berat satuan: 230 gr / 0.23 kg
Gending karesmén téh pintonan cara opera, nu maraénna ngucapkeun dialog bari ditembangkeun. Nu geus kapaluruh, ayana gending karesmén dina budaya jeung basa Sunda téh kakara dina taun 1920-an. Munggaran dipintonkeun dina raraga ngareuah-reuah Kongrés Basa Sunda anu munggaran (1924). Dina ieu buku dimuat téks gending karesmén yasana para sastrawan Sunda kawentar, di antarana R. Méméd Sastrahadiprawira, M. A. Salmun, Wahyu Wibisana, jrrd.