Judul Buku: Urat Jagat Penulis: Ari Andriansyah Tahun Terbit: Cetakan pertama, 2025 Genre: Kumpulan sajak Sunda Penerbit: Pustaka Jaya Jumlah halaman: 116 halaman Dimensi: 145 x 210 mm Berat satuan: 164 gr / 0.16 kg Cover: Artpaper 210 gr / FC / Laminasi doff Kertas/Warna Isi: HVS 70 gr / BW Binding: Blok lem ISBN: 978-623-221-983-0 978-623-221-984-7 (PDF) Harga: Rp57.000*
Urat Jagat ngamuat saratus sajak Sunda. Kabagi kana dua dapuran: kahiji “Gurit Langit” aya 40 sajak, ditulis taun 2015–2016; kaduana “Dami Bumi” aya 60 sajak, ditulis taun 2017–2019. Wirahma jeung purwakanti jadi kakuatan utama dina sajakna. Wirahma unggal sajak diwangun ku opat pada, unggal pada diwangun ku opat padalisan. Sedengkeun purwakanti lain baé dina eusina, dalah dina judul-judul sajakna. Bangun geus manggih pakeman, ulin kecap ngawirahma dina nulis sajak téh teu matak kateug nepikeun eusi. Malah jadi hiji kamahéran pikeun ngungkarakeun sajak nu ngawirasa.
Dina Urat Jagat, pura-rupa jejer kapidangkeun. Tapi, galeuh-galeuhna mah medar ngeunaan konsép dunya papasangan anu ngurung manusa sapanjang kumelendang di jagat gorombyangan. Kasinegeran jeung kajembaran enggoning mituhu hirup jeung midarma kadar. Dunya liris sajak-sajakna bangun hayang negeskeun yén kahirupan téh salawasna papasangan; langit jeung bumi, poék jeung caang, tumarima jeung ngarasula, bagja jeung lara, sarta gumelar jeung tilar.
Ari Andriansyah téh kaasup pangarang anu daria dina sual makayakeun sastra Sunda. Pangpangna dina nulis sajak kaasup produktif, bari témbong lebah ajénna. Dina Urat Jagat, panyajak lain baé hayang némbongkeun kapunjul dina kualitas, tapi deuih kaunggul dina kuantitas.
Ada masalah dengan produk ini?
ULASAN PEMBELI
5.0/ 5.0
100% pembeli merasa puas
1 rating • 0 ulasan
5
(1)100%
4
(0)0%
3
(0)0%
2
(0)0%
1
(0)0%
Belum ada ulasan untuk produk ini
Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan